Contoh Soal Penilaian Tengah Semester Bahasa Sunda Kelas 5 SD
Silahkan Di Copas dan diperbanyak
Terima kasih
I.
Pilihan Ganda
Pilih
salahsahiji jawaban nu benerna!
1. Kaulinan jajampanaan asalna mah
tina kecap “jampana”, nu hartina ieu dihandap, iwal:
a. Alat paranti ngagotong nu gering
b. Alat paranti ngagotong nu maot
c. Alat paranti ngagotong budak sunat
d. Alat paranti ngagotong pare
2. Ieu di handap nu teu kaasup kana ngaran kaulinan barudak,
nyaeta….
a. Alung boyong c. sasalimpetan
b. Babandringan d. peureum hayam
3. Kaulinan anu has diulinkeun ku
barudak awewe, nyaeta….
a. Ucing sumput c. peupeusingan
b. Beklen d. kukudaan
4. Kaulinan anu has diulinkeun ku
barudak lalaki, nyaeta….
a. Oray-orayan c. ngadu kaleci
b. Sondah d. pakaleng-kaleng agung
5. Kecap barang anu teu aya di dapur,
nyaeta….
a. TV c.
katel
b. Panci d. kompor
6. Kecap barang anu nuduhkeun sasatoan
nu sukuna opat, nyaeta….
a. Oray c. hileud
b. Titinggi d. ucing
7. Ieu di handap anu henteu kaasup
kana kalimah pangajak, nyaeta….
a. Jung atuh geura nyumput!
b. Hayu rek miluan hom-pim-pah!
c. Yu urang jajan heula!
d. Urang oray-orayan, yu!
8. “Rani ngajak Wati kerja kelompok.”
Eta kalimah
lamun dirobah kana kalimah pangajak, jadina kieu:
a. “Wat, Ran, urang kerja kelompok,
yu!”
b. “Wati urang kerja kelompok, yu!”
ceuk Rani.
c. “Rani, urang kerja kelompok, yu!
Ceuk Wati.
d. “Wati jeung Rani keur kerja
kelompok.”
9. Baca ieu pupuh!
Ngabogaan
sobat dalit urang kudu
Deukeutna
ibarat wargi
Perlu
pikeun silih tulung
Mun
urang meunang kasulit
Tong
ieuh sieun kasoro
Padalisan kahiji
sempalan pupuh di luhur ngabogaan guru wilangan….
a. 7 engang c. 10 engang
b. 8 engang d. 12 engang
10. Katangtuan jumlah engang dina
sapdalisan disebutna….
a. Guru wilangan c. guru gatra
b. Guru lagu d. guru wirahma
11. Anu disebut guru lagu dina pupuh
teh, nyaeta….
a. Sora awal dina unggal padalisan
b. Sora tungtung dina unggal pada
c. Sora tungtung dina unggal padalisan
d. Sora nu sarua dina sapadalisan
12. Ari nu disebut padalisan dina pupuh
teh sarua hartina jeung….
a. Paragrap c. jajaran
b. Bait d. kalimah
13. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana
kecap kaayaan, nyaeta….
a. Barbarian c. jongjon
b. Ingkud-ingkudan d. turun
14. Kecap kaayaan kedul sarua hartina
jeung….
a. Getol c. bodo
b. Males d. eraan
15. Kalimah ieu di handap anu salah
make tanda bacana, nyaeta….
a. Abdi nuju diajar basa Sunda.
b. Iraha aya pasanggiri maca sajak
teh.
c. Wan, antosan sakedap, nya!
d. Aduh, patlot abdi kakantun dina
kolong bangku!
16. Ieu di handap kalimah pananya nu
teu make kecap pananya, nyaeta….
a. Saha namina Bu Guru nu enggal teh?
b. Ti mana kawitna Bu Guru teh?
c. Ayeuna bumina di mana Bu Guru teh?
d. Ari Bu Selfi alihan ti Cianjur?
17. Istilah “ngabuburit” teh
kapanggihna ngan di bulan. . . wungkul
a. Rewah c.Puasa
b. Sawal d. Haji
18. Dahar samemeh subuh dina bulan
puasa disebutna….
a. Saur c. Boboran
b. Buka d. Tajil
19. Alat kesenian nu dijieun tina awi,
disadakeunanan ku cara di oyag-oyag, disebutna….
a. Bangsing c. calung
b. Suling d. angklung
20. Kecap pananya sabaraha dipakena
pikeun nanyakeun….
a. Kaayaan c. pilihan
b. Jumlah d. barang
II. Esey
Jawab kalawan singget!
1.
Tuliskeun dua rupa ngaran kaulinan barudak!
2.
Jieun dua conto kalimah pananya!
3.
Tuliskeun dua alat nu biasa aya di imah!
4.
Jieun kalimah make kecap hawu, suluh, seeng, cangkir!
5.
Jieun dua kalimah pangajak!
Komentar
Posting Komentar